Autobiografi Basa Sunda : Adhisty Shinta Anggraini



Nami wasta abdi téh Adhisty Shinta Anggraini. Abdi lahir di Bekasi, 16 Oktober 2003. Biasana réréncangan manggil abdi Adhisty. Abdi téh anak bungsu ti 3 dulur.  Abdi tinggal di Kabupaten Bekasi, jeung ayeuna téh abdi janten salah sahiji siswi kelas XII di SMAN 7 Tambun Selatan jurusan MIPA. Abdi lahir ti kulawarga nu sederhana pisan. Hobi abdi nyaéta ngadangukeun musik pikeun ngaleupaskeun bosen.

Abdi ngamimitian sakola tingkat dasar dina taon 2009-2015 di SD Jaya Suti Abadi. Salila abdi saleutik abdi téh anak bangor, teu pernah serius dina diajar. Tapi abdi ngagaduhan indung nu disiplin. Unggal pangajaran, abdi sering diajar ku indung ka akhirna di kelas abdi sok meunang ranking 2. Bahkan, teu jarang abdi meunang ranking 1.

Dina abdi di kelas 5 SD, abdi ditawarkeun ku guru pikeun nuturkeun olimpiade sains jeung abdi téh mau. Tapi, dina akhirna abdi téh kalah jeung abdi teu patah semangat, abdi diajar tina eleh.

Abdi resep pisan ka pangajaran basa inggris. Dina waktu harita, guru abdi nawarkeun ka abdi kanggo ngabéwarakeun basa inggris di hareupeun umum. Awalna abdi ragu pisan sabab abdi sieun, mung loba nu ngadukung abdi, jadi abdi gé hoyong. Waktos harita, abdi resep mun diajar basa inggris jeung ngagaduhan cita-cita salaku guru basa inggris.

Teras saentos lulus, abdi ngalanjutkeun sakola ka SMPN 3 Tambun Selatan. Ayeuna abdi nangtoskeun ngalanjutkeun sakola ka SMAN 7 Tambun Selatan. Ti waktos abdi ngagaduhan cita-cita salaku guru basa inggris, abdi hoyong ngalanjutkeun kuliah jurusan Sastra Inggris.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Rangkuman Wawacan Basa Sunda