Rangkuman Wawacan Basa Sunda

                    WAWACAN

1. Pengertian Wawacan

Wawacan dina sastra sunda wawacan teh nyaeta hiji karangan anu ditulis dina wangun pupuh. Eusina ngebrehken hiji gunggungan carita anu ngandung hiji tema. Caritana panjang, sabab diwangun ku loba palaku anu ngalalakon sarta jalan caritana loba bagianana. 
Wawacan kaasup kana wangun fiksi. Nyaeta naon-naon anu dicaritakeun sagemblengna ukur rekaan atawa imajinasi pangarang.

2. Gelarna Wawacan
Gelarna wawacan nyaeta jol na tina kasusastraan Jawa dina abad ka tujuh belas. Mimiti ayana ti lingkungan menak, santri, bupati, sareng lingkungan pasantren.
Conto-conto wawacan anu aya di lingkungan pasantren nyaeta :
  • Wawacan Amir Hamzah.
  • Wawacan Nabi Paras.
  • Wawacan Gusti Patimah.
3. Struktur Wawacan
Wawacan téh aya 3 struktur, nyaéta :
 • Manggalasastra (alofon) : eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis ka Nu Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng Rosul.

Eusi : guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat.

Panutup (kolofon) : eusina titimangsa ditulisna éta wawacan.

4. Cara Nembangkeun Wawacan
Lantaran dumasar kana patokan pupuh, wawancara biasana ditembangkeun make lagam pupuh anu 17. Cara nembangkeunnana téh dibedaskeundidengekeun nunu nu aya dina eta riungan, anu kitu teh nyeta disebut seni beluk.
Wawacan anu mangrupa karya anonotem diantarana wae wawacan Ogin, Ahmad Muhamad, Samaun, Ranggawulung, Surianingrat, Suriakarta, Amir Hamzah, Darumaya, Indra Bangsawan, Abdulu Muluk, Johar Manikan, jeung Nabi Yusuf.


-Adhisty Shinta A, XII MIPA 1.

Komentar