Rangkuman Wawacan Basa Sunda
WAWACAN 1. Pengertian Wawacan Wawacan dina sastra sunda wawacan teh nyaeta hiji karangan anu ditulis dina wangun pupuh. Eusina ngebrehken hiji gunggungan carita anu ngandung hiji tema. Caritana panjang, sabab diwangun ku loba palaku anu ngalalakon sarta jalan caritana loba bagianana. Wawacan kaasup kana wangun fiksi. Nyaeta naon-naon anu dicaritakeun sagemblengna ukur rekaan atawa imajinasi pangarang. 2. Gelarna Wawacan Gelarna wawacan nyaeta jol na tina kasusastraan Jawa dina abad ka tujuh belas. Mimiti ayana ti lingkungan menak, santri, bupati, sareng lingkungan pasantren. Conto-conto wawacan anu aya di lingkungan pasantren nyaeta : Wawacan Amir Hamzah. Wawacan Nabi Paras. Wawacan Gusti Patimah. 3. Struktur Wawacan Wawacan téh aya 3 struktur , nyaéta : • Manggalasastra ( alofon ) : eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis ka Nu Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng...